ACARA KIS AREA MAJALENGKA Ka Baraya KIS Area Majalengka SadayaMinggu Kaping 22 September 2013bade diayakeun Rapat Koordinasi kangge Ngabentuk Kapengurusan Anyar Di SekretariatMugia tiasa ngahadiran ieu acara kalayan rempeg sakantenan muka acara perdana Medar Kasundaan. Waktosna Tabuh 3 Sonten

Jumat, 26 April 2013

Ketua Komunitas Iket Sunda (IKET BARANGBANG SEMPLAK )


Ketua Komunitas Iket Sunda Majalengka 
Kang Erry
IKET BARANGBANG SEMPLAK
Iket barangbang Semplak mangrupikeun iket Buhun, barangbang mangrupikeun hiji bagian tina tanggkal kalapa atanapi kawung anu ampir penggas, tapi masih nempel dina tangkalna, iket ieu ku sabagean jalma sok disebut Iket JAWARA. Jawara teh hartina unggul atanapi pinunjul, iket ieu biasa diangge kanggo tarung atanapi kasenian pencak. anu intina rupa iket ieu diangge dina kagiatan anu ngaluarkeun tanagi ageung / kesang jeung olah kanuragan.

Iket ieu kabagi 2 bagian penting nyaeta :
1. Bagian anu luhur kabuka pikeun kaluar lebetna hawa supados teu panas nalika ngalaksanakeun kagiatan anu ngangge tanaga.

2. Bagian Sisi anu fungsina pikeun nyerep kesang.


Di Lembur Ciptagelar iket ieu digunakeun nalika acara hiburan sareng kagiatan anu ngaluarkeun tanagi bedas sapertos nuju acara angklung atanapi debus, beres acara iket ieu digentos ku rupa iket sejena, janten dina kagiatan sadidinten iket ieu langki diangge.

Upami di kampung naga Iket ieu dipahing pisan, margi identik sareng Jawara, janten ku kaum adat kampung naga teu dibenerkeun ngangge iket ieu, kecuali jalma-jalma anu memang geus kahot kana beladirina.

Benten sareng di Baduy, iket ieu sok digunakeun sadidinten jeung teudipersoalkeun naha JAwara atanapi sanes jawara
 

1 komentar :

  1. sampurasun, punteun abdi rizky asal ti bandung. bade nyhunken kontak admin komunitas. mun hoyong nyuhunkeun lagu lagu tradisional tahun 1930 an, priyogi kango teater anu bade di laksanakeun di bandung. mugu aya pencerahan. nuhun

    BalasHapus